SAMPURASUN..
Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung. Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa. Ampun ka Nu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na. Mugia diaping dijaring kuRahmat sareng pitulungNa Gusti Nu Maha Suci..
Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang. mugi mugi jembar pangampurana samudaya kalepatan kapara ahli seni nu nuju nyakseni, nyuhunkeun panggeingna...
Hatur nuhun...
Rahayu..Rahayu..Rahayu...